Formulir Kontak

 

My ANAKING 2


Anaking …..Benerkeun hideup tina wanci ka wanci ,jaga hate hideup tina mangpirang-pirang nu teu munasabah ,jeung cobi kango teras nitenan tina sakabeh kajadian ,jalaran pangalaman mangrupakeun guru nu utami nu baris ngajadikeun hideup hiji jalmi nu kiat.tanceubkeun kasobaran dina jero hate hideup sababeta mangrupakeun kakuatan nu teu bisa di itung ku harga ,cukcruk tuluy ngarah kaasah pangaweruh tur nambihan pangabisa
 Anaking……Kudu reueus hideup ngajadi diri sorangan ! yen yaktos hideup sakabeh bakal tiasa ngahontal mangsa kahareup ,turta geus ka waris  kasumangetan hirup.deudeul teras kapercayaan diri hideup,estu jaga bakal pinanggih jeung kabagjaan hirup,jaga jeng raksa amarah hideup sabab eta bakal ngabalukarkeun kaduhung teu mangih tungtung ,angerkeun hideup depe-depe(handap asor ) kapapada jalma ,tur kudu di jaga jeung di riksa rengkah paripolah tina hal anu matak ngajaheut keun kana hate batur ngarah hirup hideup loba dulur jaga ucap,lampah,tekad jeung tabeat ngarah pinangih bagja salamet dunya akherat

Total comment

Redaksi

Unknown

0   komentar

Posting Komentar

Cancel Reply